Kakawihan Budak Baheula

Kintunan : Akoer Lah

KAKAWIHAN BUDAK BAHEULA

 

 

Acung-acungan :

Cung acung halu-halu,

tikukur ngadu,

di jalan ka Cikadu,

opak-opak anggé-anggé,

mulung muncang ka papanggé,

digogog ku anjing gedé,

beunangna henteu kabadé.


Papanggalan :

Tuk-tuk brung!

kalang sungé, kalang tanjung,

pada kutik pada semprung,

kacingcalang dogna bitu,

atumpak tungir tungtung......breng!


Sieuh-Sieuh :

sieuh-sieuh!

manuk ka ditu ka dayeuh,

di dieu sagala euweuh,

sia moal bisa seubeuh,

da aya anu ngageugeuh,


Sieh-sieuh!

manuk ulah arék datang,

bisi nyorang kana régang,

kudu nyingkah maka anggang,

di dieu aya pangilang.


Sieuh-sieuh!

manuk ulah arék ganggu,

da aing anu keur tunggu.


OLÉ-OLÉAN

Ojok-ojok uang-aung,

ngarojok nu di saung,

nu di saung bau sigung,

dirojok lumpat ka lisung,

hup dengdo, hup dengdo.


Ting-ting kolanting,

simeut meuting dina jeungjing,

kokoprak awi sabeulah,

Hup! kongkorongok jago!

Olé-olé ogong, olé-olé ogong!


Bisa ogé ngawih Oyong-oyong Bangkong :

Oyong-oyong bangkong,

kong parakan nyambut,

buten buah beunying,

nyingsatkeun cawéné,

néang nu ngajuru,

ruket sajajagat,

gatrik tumpak munding,

dingkleung ka landeuhkeun,

keuna kana burang,

rangkék naék jambé,

béo ménta kéjo,

johar kawali dulang,

budak tonggar ngégél tulang.


Bangbang Kalima Gobang :

bang kalima gobang...bang

bangkong ditengah sawah....

wahéy tukang bajigur...gur

guru sakola désa....sa

saban poé ngajar...jar

jarum paranti ngaput...put

putri anu gareulis....lis

lisung kadua halu....lu

luhur kapal udara....ra

ragrag di Jakarta.....ta

taun sabaraha....ha

haji rék ka Mekah....kah

kahar tujuh rébu....bu

buah meunang ngala....la

lauk meunang nyobék...bék

béker meunang muter...ter

terus ka Cikampék...pék

pékna gagang kalam...lam

lampu eujeung damar...mar

mari kuéh hoho...ho

hotél pamandangan...ngan

ngantos kangjeng dalem...lem

lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong.


JALEULEUJA

Jaleuleuja ……

atulak tujaéman …. gog

seureuh leuweung …. bay

jambé kolot …… bug

ucing katinggang songsong ….. ngék !


Nanggerang – Nanggorék :

Yu batur urang ulin ka Nanggerang

ah embung sieun lila teuing beurang

keun atuh ambéh umur urang panjang

nu panjang Nini Aki Balangantrang

Leuleui leui leuleu leuleuyang aya mojang geulis pisan


Yu batur urang ulin ka Nanggorék

ah embung Nanggorék mah lila poék

keun atuh ambéh seubeuh ngélékéték

lékéték embung sieun bareuh kélék

Leuleuileuyang aya bujang teu uyahan


Galah Ginder :

Galah ginder galah ginder

adelerder dut ndutan

clo ka pangajogan

jleg ka pangajlegan

Ganggonggo gangbéngbé

atoli toli mas marino

plang atilingtingplang bulé

sarkawi lonyod pényon

boga rupa jiga embé

karesep nyonyoo kohkol

emh nyonyoo kohkol

emh nyonyoo kohkol

emh emh nyonyoo kohkol

emh emh nyonyoo kohkol


NING NING-NING NONG

Nang-ning nang, ning-ning nong

dut endutan, doli ndot blem

dalem sumping dor bajidor

tutunjuk kembang malati

ya olé olé ombang

térongna ting belenong

adu Riri siling pényong

inyong inyong Mas Muria

tukang gandék raja belang


NÉNGNONGNÉNGJAK :

Néngnongnéngjak

toroktok kuda janggotan

pa kuwu kariaan

laukna lauk bilatung

kéjona kejo gadung

tangtung bedog rumpung

tungtang bedog rompang

hét hét kuda janggotan

kélék monyét héhéotan

bangdung bangplak ndut ém


SURSER

Surser surser

angeun waluh tacan asak

disuluhan ku bakéték

bakéték meunang meulahan

meulahan ku péso petok

péso petok gagang timah

nalék tok anu di imah

Surser surser

amis cau amis kumbang

jawadah tataléotan

hileud si tataru ngambang

ih tai manukan

ih tai manukan


Sakentrung :

Sakentrung sakentrung

sakentrung sakentrung

paré hawara ti huma

ditutu na lisung pondok

trung dong dong trung éng

trung dong dong trung éng

trung dong dong trung dongéng

Sakentrung taligung peci pécang

tété tulak tété wondo

dalem tulak raja sono

kalisana dong blé

kacang diraraweuy tembus kénéh

dodol sana dodol sana

cir kuciplak doli ndot blem

Siapa siatu siapa pegang ratu

di depan pintu salah satu

sakentrung taligung nyi mantri dalem

mindrio mindrio tember muté

hayam kate hayam katé

dilulugem ta éhém ta éhém

ta éhém ta ém ta ém


MA IJAH

Tahu atah, digoréng ku jalantah,

Ma Ijah tumpak gajah,

Seurina ngahahah,

Dompét béréskeun,

Macét olian,

Babah gendut bantingkeun.


Milang Kadaharan

Haji gula,

Tiwu opak,

Dalima, kesemek,

Dukuh, dadap,

Salak, sapu.


Nanangkaan

Genjling-genjling

Éta saha di pipir?

Kaula !

Rék naon?

Rék meuli nangka,

Nangkana gé karék dipelak,

Nangkana kakara jadi,

Nangkana kakara jadi tongtolang,

Nangkana kakara gumading,

Ayeuna geus asak, pé baé geura ala.


Ni Ongo

Ni Ongo, bujur nini molongo,

Pasang batu dua puluh lima,

Aya tangkal cau,

Aya tangkal peuteuy,

Nyai geura nyangu,

Akang peurih beuteung.


Ngala Hui

Kelenang-kelenéng napi sééng,

Keledat-keledut napi huut,

Saha éta nu ngaliwat?

Kami aki jeung nini,

Rék naon?

Rék ngala hui.


NANG NING-NING NONG

Ning-ning nang, ning-ning nong,

Dut endutan,

Dalem sumping dor bajidor,

Tutunjuk sumping malati,

Ya olé-olé ombang,

Térongna ting belenong,

Aduh Riri siling pényong,

Inyong-inyong Mas Muria,

Tukang gandék raja belang.


(Atik Sopandi & Oyon S. Umsari, Kakawihan Barudak Sunda, 1985)


Pacublek-Cublek Uang

Pacublek-cublek uang,

Uangna manggul lénténg

Butata-butiti,

Padati wara-wiri,

Tah si nona tah si babah,

Si Sidin mau kawin,

Gamelan jegang-jegung,

Ta eemh, ta eemh.


Pacublek-cublek uang,

Uangna ngaborété,

Mutata-mutiti,

Padati wara-wiri,

Tong si nona tong si babah,

Katék bungbu,

Bokér-bokéran,

Si Sidin maling awi,

Potong kerbau tinggi,

Tinggina jemblang-jemblung.


Capit Cuit Cangkorélang

Capit cuit cangkorélang,

Manuk daun mobok liang,

Liang keuyeup, keuyeup sekar,

Sakur cai, cai haneut,

Haneut kuku, kuku peusing,

Peusing cala, cala bunar,

Bulan silih, silih ogan,

Ogan kotok, kotok hurik,

Hurik amis, amis gula,

Gula léngkét, léngkét dagé,

Dagé dungkuk, dungkuk lutung,

Lutung puntang, puntang dahan,

Dahan pucung, pucung célang,

Célang bonténg, bonténg lilin,

Lilin odéng, odéng paré,

Paré konéng, konéng tinggang,

Tinggang anak, anak buwu,

Buwu séksék, séksék nobék di karéés.


(Suriasapoetra, 1954).


Jung Jaé

Jung jaé balakatanjung jaé,

Pucuk menyan mangsoyi godong malati, riri

Riri nyandung ka putra Dalem Tumenggung, Bandung

Bandung tipung polongpong saunda-éndo, poho

Poho tadi lalajo teu mawa simbut, butut

Butut bétét kakampis munding kadempét, coét

Coét-coét ngaléak ka nu kacangan, jebrod!


Wék Wék Dor

Wék wék dor,

Doran pacul,

Culak-cileuk,

Leukeun pisan,

Sandékala,

Béas beureum,

Reumbeuy kacang,

Cang kadelé,

Lého sapi,

Pindang lubang, bangkong héjo,

Joli jopak jojoliong.


Ambil-Ambilan

Ambil-ambilan, turugtug hayam samantu, euweuh nu diambil, kabéh gé budak pahatu, najan pahatu gé daék, purah nutu, purah ngéjo, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu pipir leuit, nyerieun sukuna, kacugak ku kaliage, aya ubarna, urut guling sampuragé, tiguling nyocolan dagé, geura dahar sangu bodas, béasna beunang ngahidas, lauk cai beunang mais, angeun taleus pencok hiris. (R.I. Adiwidjaja & R.Kd. Djajadireja, Soember Aroem 2).


SAMAGAHA

Bulan kakokop pisan,

Bulan kakokop pisan,

Kantun ngelemeng bulan téh taya cahyaan.


Tapi teulila deui, tapi teu lila deui,

Anu poék mimiti ngurangan deui,

Anu poékna mimiti ngurangan deui.


Poék terus ngurangan,

Pok terus ngurangan,

Lila-lila mah ngebrak deui caang bulan,

Lila-lila mah ngebrak deui caang bulan.


Prangpring :

Prangpring Nyi Roro katiisan,

Caramcam duwegan anom,

Anom-anom jangkuningning,

Jangkuning tutugan iwung,

Iwung-iwug kalanaro,

Sudadalang mupu kembang,

Kuluntang ambu si Jumplang.


Korowék-korowék muncang,

Éh, éh, bau kacingcalang,

Eundeuk-endeukan,

Cangkuang balé talaga,

Ngongo-ngongo bitung,

Parungpung saunda-énda,

Poho tadi, lalajo teu mawa simbut,

Simbut butut kakampis munding kadempét,

Cowét égang, ngalédak cangkang campedak,

Dak, dak, dak, dak,

Dak, dak, dak, dak.


SORA-SORA MANUK

Dét, dét, cangkurileung

Dét, dét, cangkurileung

Budak pédét jangkung hideung

Budak pédét jangkung hideung


Putri diuk!

Lingkung lembur!


Cacag lauk!

Pur kutut,

Pur kutut,

Sor gedong,

Sor gedong,

Méong tutung,

Méong tutung.


PÉRÉPÉT JÉNGKOL

Pérépét jéngkol jajahéan,

Kadempét kohkol jéjérétéan


SALAM SÉRÉH

Salam séréh kadongdong cina,

Abah datang kabina-bina,

Nyiuk cai satampolong,

Piring pisin diragaji,

Colénak dikalapaan,

Kuring isin ku paraji,

Boga anak teu bapaan.


(Atik Sopandi & Oyon S. Umsari, Kakawihan Barudak Sunda, 1985)


TUTUNJUKAN

Tutunjukan téténjékan,

Si tétéh anteur ka cai,

Sieun bugang dina muncang,

Kokoplok sayang kadanca,

Kadanca katindih pitung,

Cingcurung kawing odéng,

Odéng panjang buntut.


TONG MALIATONG

Tong mali maliatong mendeko,

Kayu manus disangkané ora sombong,

Sombong rinci-rinci,

Ba ayu tiang pundi,

Pundi tongta-tongta,

Bujur nini sagedé onta,

Jigow jigo, jigow jigo.


(Atik Sopandi & Oyon S. Umsari, Kakawihan Barudak Sunda, 1985)

Terakhir Diperbaharui (Sabtu, 17 Desember 2011 23:07)

 

tulis_artikel

Customer Support

Status YM Status YM Status YM

phone 022 7227 2000

hp 085 793 300 116

 085 216 873 178hp

bb 238648BA

bb 3267D4AD

questioner

aman

aman

 

 pos jne tiki

fb logo twitter logo map logo

DATA BANK (Transaksi)

mandiri logo

No. Rek : 1320010167667

a.n. : Irfan Taufik

Bank : Mandiri Setiabudhi, Bandung

bca logo

No. Rek : 2332493427

a.n. : Irfan Taufik

Bank : BCA Setiabudhi, Bandung

bri logo

No. Rek : 040801004845509

a.n. : Dea Rokhmatun Iradewa

BRI Setiabudhi, Bandung