Kajembaran Rasa

PURAGA JATI

Kajembaran rasa mangrupakeun salah sahiji adeg pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku manusa, anu kamanusaan.

Kajembaran rasa, mangrupakeun pondasi diri anu kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup sakumaha beuratna.

Sabab eusining sipat anu nyangking dina kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat  diantarana:

  • Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan, mujian, jeung anu nutama Hampuraan.
  • Tara: Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan, cawadan, irén pinastrén, dudupak, rurumpak, cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan.

“Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup, ngajauhan Dengki “

Mustikana ngancik jadi pamatri,   dina ati anu wening, dina rasa nu rumasa,  jiwa nu wiwaha, kalawan  pikir anu ngarti. Teges cirina  sipat  anu ngaJati diri.

Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa  hayang témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi témbongna  jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu sarasa.

”KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan,

kahadé ngan ukur  popolésan (basa - basi).

T   a   p   i,

KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna ,

Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati”.

Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina, nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata mancerkeun cahaya  budi jeung basana anu katata.

---------oo0oo----------

Kajembaran rasa

Usik sajero ning cicing.

Obah sajeroning dada,

Usikna , maranti diri,

Obah na maranti rasa.

 

Nu nganteur ka lemah sungka

Nyangkaruk geusan kapuluk.

Pasir liuh peupeuntasan.

Ajrih ning rasa panggalih.

 

Milih rabi minda rasa

Rabi na ka sang gumati .

Rasa na sang guruh minda  

Guru na  weruh pituduh.

Japa na Aji ning diri. .geusan  midiri!

Japa na Aji ning rasa….geusan  mirasa !

Japa na Aji ning harti..…..geusan ngarti !

Japa na Aji ning kersa …geusan ngersa !.

 

Nyumput buni nembrak caang,

Buni sotéh niat ati, anu suci,

Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata.  

Nu di teundeun di handeuleumkeun,

 

Geusan paneuleuman nana.

Nudi tunda dina Hanjuang .

Geusan diri ngadaya juang, 

Nya hamo luntur ku waktu,

 

Kapan tapak dina tindak

Kapan galur dina catur

Mun di téang tangtu panggih

Mun dipénta tangtu mikeun.

 

Nya hamo laas ku jaman

Pastina bakal ka pangggih,

Mangrupa balungbung timu,

Sabab jangji nu bihari,

 

Hamo nya sulaya pikir,

Anu misti, anu musti, tandes

diri nu nyakséni

Geus natrat tulisanana, 

 

Mo sulaya, ka jangjina,  

Teges nétés tur tétéla

Nya diri suratanana,

nya alam tulisanana

 

Kitabna jagat buana

Moal luntur ku mangsina.

Moal soéh daluangna.

Bacaeun sa tungtung umur

 

Nya haté kudu rancagé.

Teges nétés tur tétéla

Nya diri suratanana,

nya alam tulisannana

 

Kitabna jagat buana

Moal luntur ku mangsina.

Moal soéh daluangna.

Bacaeun sa tungtung umur

 

Cirina satangtung diri,

Carana sa tapak jagat,

Jembar rasa Nagara na,

 Bukti na,  Raga salira.

 

 

Ciri bukti, kajembaran rasa na manusa,  teges mapaésan hirup, ku  nebaran sinar rasa, anu ngadangiang kamulyaan  sabab  : 

Hirup anu ngagema keun diri,  pastina,  tepung jeung  ka sajatian. Kudrat Pasti. Bakal apal  kana  Titis jeung Tulisna.  (C a g e u r ).

  • T itis,  anu ngajadi wujud  (manusa).
  • T u l i s, anu ngajadi sipat   (kamanusaan).

Hirup anu   ngagema diri jeung rasa , pastina   tepung jeung ka Élingan. “kadar diri, Dihin jeungPasti.            

  • Dihin: kayakinan
  • Pasti: Pasti ti anu mastikeun anu moal bisa dipungkir.

Apal  kana Rasa jeung  Rumasa

Rasa anu katarima,

Rumasa panarimaan.

Hirup anu  ngagema diri jeung Pikir, pastina tepung jeung kaparigelan. Geusan nanjeurkeun diri, dina nyungsi   Tapak  jeung lacak  palakonannana.  (Bener).

  • T a p a k: alam nu geus di sorang,
  • L a c a k: alam panyungsian  pilalakoneun.

Dina nyungsi lalakon diri geusan pilakueun, nuju lengkah ka alam anu bakal di sorang, anu ngajadi upayana, yén diri tetep nyawang alam ka tukang geusan narawang ka alam anu bakal disorang, tinangtu bakal ngahasilkeun, jalan tatapakan anu moal nyasar. Anu ngandung harti bakal salametnya diri.  silokana  bihari ngancik kiwari, nganjang ka alam pagéto (Supagi), pameulina nyata hirup kudu :

Nyepi di leuwina diri.

Tapa di sagara rasa.

Geusan nga balungbung timur.

Jalan gedé sasapuan.

Tapak geusan pangeunteungan.

Ku semu, jembarna rasa.

Galeuh bitung haté kangkung.

Hurung nangtung siang leumpang.

Pangjugjugan, alam caang poé panjang.

Nagara tunjung Sampurna.

R a m p é s…

Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup kumbuh, alam jagat raya (dunya). dina sorangan atawa anu kasorangan, tangtu aya nu marengan,  dina masing masing alam hirupna anu  miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh ukurannana, tangtunganana, sarta pancéna, gumantung kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung di karsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di gelar dialam jagat raya ieu, miwanda titis anu ngajadi wujud, jeung tulis anu nga jadi sipat, salaku mahluk anu leuwih ti sagalana, anu kapancén pikeun milaku kamulyaan anu ka sampurnaan, sangkan wujud manusa mibanda sipat  kaManusaan. 


Kamanusaan

Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku mahluk anu bakal jadi tunggangana mahluk-mahluk sasama hirup anu di cipta geusan campur marengan dina hirupna manusa,   yén manusa téh salaku Parahu Hyang na, geusan nganteur sakumna ciptaning gusti, kuda sampurna.

Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh teges mibanda sipat kajembaran rasa. Diantarana boga ciri: Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat, jeung wiwaha Yuda Naraga.

            Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan Jalmaan (wadah hirup anu kosong). ngandung Harti, ngan ukur di titipan pangawasa awal anu masih suci, tacan kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan.

Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan ,anu ka wangun tur ka ules watekan ,ku sipat-sipat mahluk lianan anu ka inum tur ka dahar ku dirina, lamun teu mampu nyampurna keun nana sangkan sampurna. nu buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan,  sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat Dengki, Sombong, Bohong. Amarah jeung sarakah, éta sipat, anu dipibanda ku ules watek  sato, jeung  tutuwuhan,

            Sipat Jalma sarupa kitu bisa di sebut   “Wanara: teu béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu, ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah.

Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata kahirupan samar, bener, jeung hadé ukur pupulasan, nyata ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar haté ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna, Dunya jadi udagan.

Dunya, ngawatek, poho ka diri, poho kana rasa, jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah, watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih, bari kapuasan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu daék Tumarima.

Jalma anu di gelarkeun dina alam kadunyaan, leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun  dina alam Manusa.

Teges lamun manusa, anu di gelarkeun di alam kamanusaan, tinangtu, leuwih kuat ujian jeung cobaan hirup, geusan kasampurnaan, keur nga hontal kaMulyaan.  

Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu kasipatan, kamanusaan, bakal teges,  dina lakuning diri jeung ules watekna ,mibanda tujuan hayang  nyampurnakeun hirup  anu ngarumasakeun  yén hirup dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur yén hirup téh, aya anu campur dina dirina,  anu kudu disampurna keun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku anu bakal di sorangna.

            Manusa anu kamanusaan teges jalmaan anu kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tulis na. Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa  anu bakal mampu ngalaksana pancén  pikeun ngurus jeung ngatur, atawa  ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku  sasama hirup anu di cipta,

Manusa sampurna, campurna  gumulung, geusan ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka Gungan ku kersaning anu maha Agung, anu maha kersa jeung karsa, “Gusti anu maha kawasa”.

Sipat Jalma anu ka, manusaan  disebut na; Cai Ahung (CiHung atawa Ciung) hartina  hirup anu di karsa, rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu Ma-Ha linuhung.


“Paralun , mung ukur gagambaran, tur sisigaan, tebih ka-nu sa-enyana, yen dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan anu di simbulkeun tadi , bisa ngabedakeun diri anu kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jati ning diri”

Pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan pancénna hirup,  anu ngarana Manusa, tangtu keuna ku dihin (kayakinan) jeung tangtu (dasar), aturan hirup anu nuju kana lalakon anu saenyana. sing kapanggih SAHA DZAT SUNDA-na


~Cag.

anu peryogi file-na mangga kantun nga-download PURAGA JATI di link ieu:http://ncepborneo.wordpress.com/2011/05/02/puraga-djati/ _/\_Ra-Hayu

 

tulis_artikel

Customer Support

Status YM Status YM Status YM

phone 022 7227 2000

hp 085 793 300 116

 085 216 873 178hp

bb 238648BA

bb 3267D4AD

questioner

aman

aman

 

 pos jne tiki

fb logo twitter logo map logo

DATA BANK (Transaksi)

mandiri logo

No. Rek : 1320010167667

a.n. : Irfan Taufik

Bank : Mandiri Setiabudhi, Bandung

bca logo

No. Rek : 2332493427

a.n. : Irfan Taufik

Bank : BCA Setiabudhi, Bandung

bri logo

No. Rek : 040801004845509

a.n. : Dea Rokhmatun Iradewa

BRI Setiabudhi, Bandung